Sisindiran;
kumpulan wawangsalan lanjaran
Wawangsalan téh asal kecapna tina wangsal sawanda
(synonim) jeung kecap wangsul anu ngandung harti balik. Ku sabab éta,
Wawangsalan téh sok disebut ogé Bangbalikan. Wawangsalan atawa Bangbalikan
nyaéta hiji wanda Sisindiran anu diwangun ku cangkang (sampiran) jeung eusi
(isi) sarta di satukangeun eusina mangrupa tarucing. Éta eusi tarucing (disebut
wangsalna) téh baris kapanggih saupama urang geus balik deui néangan kecap dina
omongan nu ti heula.
Dina conto kahiji di handap, upamana, Abdi mah caruluk
Arabâ (cangkang), henteu tarima téh teuing (eusi). Upama dibasakeun mah
tarucingna téh: Naon ari caruluk Arab téh?Jawabanna nyaéta korma. Ieu jawaban
bisa kapanggih sanggeus urang balik deui mariksa kecap-kecap dina eusina henteu
tarima téh teuing. Di dinya aya kecap tarima anu mémang sasora jeung kecap
korma.
Ditilik tina wangunna, Wawangsalan téh aya anu mangrupa
Wawangsalan Lanjaran sarta Wawangsalan Dangding. Wawangsalan Lanjaran nyaéta
Wawangsalan anu teu kauger ku patokan pupuh; dijadikeun ku dua omongan atawa
padalisan. Padalisan kahiji mangrupa cangkang, sedengkeun padalisan kadua eusi.
Lobana éngang (suku kata/vokal), boh cangkang boh eusi, aya dalapan éngang.
Anapon Wawangsalan Dangding mah nyaéta Wawangsalan anu kauger ku patokan Pupuh.
Wangun ieu Wawangsalan mah baris gumantung kana patokan Pupuh anu dipakéna, anu
ngawengku ugeran guru lagu jeung guru wilangan.
Di handap ieu mangrupa conto-conto Wawangsalan
Lanjaran anu geus sumebar di masyarakat Sunda. Ilaharna, saupama dipaké dina
omongan sapopoé, tara jeung eusina tapi cukup ku cangkangna wungkul. Saupama
omongan, Perkara nu kamari ieu jadi bahan caritaan balaréa téh geuning teu
puguh monyét hideungna.Keur nu apal kana Wawangsalan mah, omongan sakitu ogé
geus kaharti. Yén nu dimaksudna téh nyaéta teu puguh tungtungna. Hal ieu dilantarankeun
uni Wawangsalan, Teu puguh monyét hideungna, teu puguh tungtungna anu wangsalna
téh nyaéta lutung. Pon kitu, urang ogé bisa nyieun wawangsalan sorangan kalawan
ugeran anu kasebut.
Abdi mah
caruluk Arab
henteu tarima téh teuing [=korma]
henteu tarima téh teuing [=korma]
Abdi téh
kapiring leutik
kaisinan ku gamparan [=pisin]
kaisinan ku gamparan [=pisin]
Abdi téh sok
ngembang kawung
inggis teu ngareunah teuing[=pengis]
inggis teu ngareunah teuing[=pengis]
Abdi ti
ménak ka somah
gamparan mah ieu aing [=umaing]
gamparan mah ieu aing [=umaing]
Ajag désa
basa Jawa
lesuna teu aya tanding [=asu]
lesuna teu aya tanding [=asu]
Ajag lembur
Indramayu
naha bet kalangsu teuing [=asu]
naha bet kalangsu teuing [=asu]
Ajag lembur
lamun engkang
énjing henteu wangsul deui[=anjing]
énjing henteu wangsul deui[=anjing]
Alun-alun
paleuweungan
gagal temen mun teu jadi [=tegal]
gagal temen mun teu jadi [=tegal]
Anak beurit
dina katung
kapan endén mundut encit [=buncit]
kapan endén mundut encit [=buncit]
Anak munding
masih nyusu
aduh endén buah ati [=énéng]
aduh endén buah ati [=énéng]
Angeun somah
pakampungan
kajeun bedo ti kamari [=bodo]
kajeun bedo ti kamari [=bodo]
Anu siram
kokojayan
abdi pamoyokan badis [=ngoyok]
abdi pamoyokan badis [=ngoyok]
Areuy
leuweung mérang daun
ulah sok japilus galih [=pulus]
ulah sok japilus galih [=pulus]
Aringgis sok nyatang bolang
kapongpongan siang wengi[=lompong]
kapongpongan siang wengi[=lompong]
Asal hiji
jadi dua
Semah matak sesah ati [=walimah]
Semah matak sesah ati [=walimah]
Awi ngora téh jaradi
temah matak jadi liwung [=iwung]
temah matak jadi liwung [=iwung]
Aya mesin
bisa ngapung
kapidara diri abdi [=kapal udara]
kapidara diri abdi [=kapal udara]
Aya nu dianjang cai
aya nu dihéroan [=séro]
aya nu dihéroan [=séro]
Ayeuna gé
sérah tegal
engkang mah sok matak peurih[=eurih]
engkang mah sok matak peurih[=eurih]
Baku sok ngalebu badag
reueus keur sareng jeung istri[=areng]
reueus keur sareng jeung istri[=areng]
Balandongan
ngujur jalan
sok hayang geura los indit [=elos]
sok hayang geura los indit [=elos]
Balé diréka
masjid
nya pikir bati rumajug [=tajug]
nya pikir bati rumajug [=tajug]
Bangkong
lodor meuntas jalan
titis tulis bagja awak [=bayawak]
titis tulis bagja awak [=bayawak]
Bango héjo
hérang jangjang
piraku engkang ka abdi [=merak]
piraku engkang ka abdi [=merak]
Bango leutik
bodas hulu
mo samar ka diri abdi [=camar]
mo samar ka diri abdi [=camar]
Baréto gé batur pirus
juragan geuning pelekik [=akik]
juragan geuning pelekik [=akik]
Batuk eungap
hésé damang
saé sumping baé wengi [=mengi]
saé sumping baé wengi [=mengi]
Béas
ditutuan deui
iraha atuh patepung [=tipung]
iraha atuh patepung [=tipung]
Bedil langit
handaruan
engkang sapertos kalinglap [=gelap]
engkang sapertos kalinglap [=gelap]
Bedog urang
Darmaraja
kawantu abdi mah miskin [=sekin]
kawantu abdi mah miskin [=sekin]
Bedug
wedalan Eropah
abdi teu asa dipuji [=tanji]
abdi teu asa dipuji [=tanji]
Belut sisit
saba darat
kapiraray siang wengi [=oray]
kapiraray siang wengi [=oray]
Bendi
panjang roda opat
ulah kalah ka Carita [=kareta]
ulah kalah ka Carita [=kareta]
Béntang
baranang di imah
samar bisa tepung deui [=darma]
samar bisa tepung deui [=darma]
Beulit
cinggir simpay réma
ulah lali ka sim abdi [=ali]
ulah lali ka sim abdi [=ali]
Beunying
leutik sisi cai
ari ras sok cimataan [=amismata]
ari ras sok cimataan [=amismata]
Beusi bodas
cingcin kecrik
cumah baé dipicinta [=timah]
cumah baé dipicinta [=timah]
Biasa
ngadodol gula
abdi henteu dipaduli [=gulali]
abdi henteu dipaduli [=gulali]
Bibika
tipung tarigu
ku engkang tacan kaharti [=roti]
ku engkang tacan kaharti [=roti]
Buah kawung
raranggeuyan
curuluk cisoca bijil [=caruluk]
curuluk cisoca bijil [=caruluk]
Bulu panon
wates taar
itu nyai mani geulis [=halis]
itu nyai mani geulis [=halis]
Cacangkir bahana beling
masing welas lahir batin [=gelas]
masing welas lahir batin [=gelas]
Cakcak gedé
kadal bilik
ulah dipaké mokaha [=toké]
ulah dipaké mokaha [=toké]
Careuh
beureum pasawahan
nu dusun leuwih ti misti [=lasun]
nu dusun leuwih ti misti [=lasun]
Cariang
beureum beutina
nya pikir bati arewuh [=]
nya pikir bati arewuh [=]
Catetan bulan jeung taun
juragan ménak utami [=almenak]
juragan ménak utami [=almenak]
Cau gedé
ngan sasikat
taya teuing bagja diri cau [=bagja]
taya teuing bagja diri cau [=bagja]
Cék lémék
Jawa sumuhun
hayang téh ulah kapanggih[=enggih]
hayang téh ulah kapanggih[=enggih]
Cikur
jangkung pamuraan
kapalay siang jeung wengi[=panglay]
kapalay siang jeung wengi[=panglay]
Cisusu
kentel dimasak
ulah téga-téga teuing [=mantéga]
ulah téga-téga teuing [=mantéga]
Cucuk basa
Malayuna
duriat henteu laksana [=duri]
duriat henteu laksana [=duri]
Dadampar di pagulingan
alim ka nu kirang surti [=kasur]
alim ka nu kirang surti [=kasur]
Dagangan
pangrapet surat
mun kitu abdi mah alim [=lém]
mun kitu abdi mah alim [=lém]
Daun kasap
kosok méja
tobat ulah nolas teuing [=hampelas]
tobat ulah nolas teuing [=hampelas]
Daun tuhur
na tangkalna
sok rus-ras ka nu teu aya [=kararas]
sok rus-ras ka nu teu aya [=kararas]
Désémber tangtu ditéma
geulisna lir widadari [=Januari]
geulisna lir widadari [=Januari]
Deukeut-deukeut
anak taleus
nyangkéwok teu kanyahoan[=téwok]
nyangkéwok teu kanyahoan[=téwok]
Di Cikajang
aya gunung
asa paturay jasmani [=Cikuray]
asa paturay jasmani [=Cikuray]
Dodol gula
digolongan
nu hina kaluli-luli [=gulali]
nu hina kaluli-luli [=gulali]
Dudukuy
panjang gagangna
pikir bati ngalanglayung [=payung]
pikir bati ngalanglayung [=payung]
Dukun tukang
ngemat héwan
abdi mah ku alim teuing [=malim]
abdi mah ku alim teuing [=malim]
Ékék lembut
pupuntiran
tingsérédét kana ati [=cécéndét]
tingsérédét kana ati [=cécéndét]
Enggeus ka
palupuh nangtung
ayeuna geus kapimilik [=balik]
ayeuna geus kapimilik [=balik]
Engkang téh
ngajukut laut
seger mun tepung jeung nyai[=ager]
seger mun tepung jeung nyai[=ager]
Gagang
caruluk karadak
pantes mun rék dinyenyeri[=langari]
pantes mun rék dinyenyeri[=langari]
Gamparan mah sangu atah
keur ménak kawuwuh sugih[=gigih]
keur ménak kawuwuh sugih[=gigih]
Gedang atah
keur lumayung
engkang mah jelema ginding[=gumading]
engkang mah jelema ginding[=gumading]
Gedong luhur
panénjoan
narah keur saheulaanan [=munara]
narah keur saheulaanan [=munara]
Gedong
ngambang di sagara
kapalang geus béla pati [=kapal (cai)]
kapalang geus béla pati [=kapal (cai)]
Gedong
ngambang tengah laut
ulah kapalang nya béla. [=kapal (cai)]
ulah kapalang nya béla. [=kapal (cai)]
Gedong
tempat nu titirah
ulah sok reueus binangkit [=rumah sakit]
ulah sok reueus binangkit [=rumah sakit]
Hayam cempa
lalayaran
matak teuing nyeri ati [=meri]
matak teuing nyeri ati [=meri]
Hayam sawah
dipiara
abong kanu apes diri [=meri]
abong kanu apes diri [=meri]
Hayam tukung
saba gunung
uyuhan teuing nya diri [=puyuh]
uyuhan teuing nya diri [=puyuh]
Hiris ngora
deungeun sangu
abdi mah kapok téh teuing[=kapokan]
abdi mah kapok téh teuing[=kapokan]
Hui bulu réa akar
bongan sok rayungan teuing[=kamayung]
bongan sok rayungan teuing[=kamayung]
Imah leutik
tempat ngaji
teu asa ngalanggar cegah[=langgar]
teu asa ngalanggar cegah[=langgar]
Imah
ngambang di sagara
ulah kapalang nya bela [=kapal (cai)]
ulah kapalang nya bela [=kapal (cai)]
Indung kuar
hama sirah
nu kitu ulah digugu [=kutu]
nu kitu ulah digugu [=kutu]
Insuting
ngadaun luhur
ari ras ka diri abdi [=kararas]
ari ras ka diri abdi [=kararas]
Isuk basa
Malayuna
tangtos abdi rék sayagi [=pagi]
tangtos abdi rék sayagi [=pagi]
Jagong tuhur
beunang ngunun
dunungan bagéa sumping[=emping]
dunungan bagéa sumping[=emping]
Jalaran
bibit kalapa
isin da abdi mah santri [=kitri]
isin da abdi mah santri [=kitri]
Jampana
bugang dadakan
panasaran diri kuring [=pasaran]
panasaran diri kuring [=pasaran]
Jati leutik
jagong ngora
dodolog kirang utami [=semi]
dodolog kirang utami [=semi]
Jawadah
tutung biritna
sacarana-sacarana [=cara]
sacarana-sacarana [=cara]
Jukut
jangkung pipir gunung
haté abdi panas peurih [=eurih]
haté abdi panas peurih [=eurih]
Kacang
jangkung leutik daun
engkang mah satria raris [=hiris]
engkang mah satria raris [=hiris]
Kacang
panjang disayuran
bati ngageremet ati [=gemet]
bati ngageremet ati [=gemet]
Kacang
panjang gagabengan
sakieu darajat kuring [=jaat]
sakieu darajat kuring [=jaat]
Kadal gedé
saba darat
pareng alus bagja awak [=bayawak]
pareng alus bagja awak [=bayawak]
Kadeuleu langir caina
kayap-keyep anu geulis [=keuyeup]
kayap-keyep anu geulis [=keuyeup]
Kalapa
bakalan minyak
nu ampuh titis raspati [=cipati]
nu ampuh titis raspati [=cipati]
Kalong
leutik saba gedang
sumedot rasaning ati [=cocodot]
sumedot rasaning ati [=cocodot]
Kararas daun
kalapa
teu aya nu ngabangbrangkeun[=barangbang]
teu aya nu ngabangbrangkeun[=barangbang]
Kasintu di
sisi situ
nu hayang kawanti-wanti [=]
nu hayang kawanti-wanti [=]
Kauntun
tipung katambang béas
laksana meunang ijasah [=laksa]
laksana meunang ijasah [=laksa]
Kebon paré
dicaian
siwah niat jalir jangji [=sawah]
siwah niat jalir jangji [=sawah]
Kembang biru
di astana
abot pisah jeung kakasih [=salasih]
abot pisah jeung kakasih [=salasih]
Kembang
bodas buah bunder
ngaheruk nya pipikiran [=jeruk]
ngaheruk nya pipikiran [=jeruk]
Kembang
jambé kara beukah
kumayangyang pikir abdi[=mayang]
kumayangyang pikir abdi[=mayang]
Kendang gedé pakauman
dagdigdug rasaning ati [=bedug]
dagdigdug rasaning ati [=bedug]
Kertas kabur
kaanginan
kumalayang pipikiran[=langlayangan]
kumalayang pipikiran[=langlayangan]
Ketuk leutik
panayagan
ka abdi mah ningnang teuing[=bonang]
ka abdi mah ningnang teuing[=bonang]
Keuyeup gedé
saba laut
teu hadé liar ti peuting [=kapiting]
teu hadé liar ti peuting [=kapiting]
Koja awi
dihuaan
sageuy lamun teu kasorang[=korang]
sageuy lamun teu kasorang[=korang]
Kokotor
saluar awak
da sanés rek hiri dengki [=daki ]
da sanés rek hiri dengki [=daki ]
Kota
kuloneun Lampegan
purah-purah tunggu bumi [=]
purah-purah tunggu bumi [=]
Kulit teuas
tungtung ramo
baku osok nganyenyeri [=kuku]
baku osok nganyenyeri [=kuku]
Kuring mah kabedil langit
da puguh matak kalinglap [=gelap]
da puguh matak kalinglap [=gelap]
Kuring téh
kamenyan konéng
rumaos kawiwirangan [=]
rumaos kawiwirangan [=]
Kutu baju
kuar sinjang
moal weléh tumarima [=tuma]
moal weléh tumarima [=tuma]
Lahang abri
dibotolan
ningal anu suka galih [=cuka]
ningal anu suka galih [=cuka]
Laleur hideung panyeureudan
ngilari sakolong langit [=reungit]
ngilari sakolong langit [=reungit]
Lampu leutik
tengah imah
abdi samar méré idin [=damar]
abdi samar méré idin [=damar]
Lamun kapalupuh
nangtung
lamun jadi kapimilik [=bilik]
lamun jadi kapimilik [=bilik]
Lancah cai
di walungan
engkang teu émut ka abdi[=engkang-engkang]
engkang teu émut ka abdi[=engkang-engkang]
Langgir cai
leumpang ngijing
kadeuleu kayap-keyepna[=keuyeup]
kadeuleu kayap-keyepna[=keuyeup]
Lauk panjang
dina parung
ari émut merod pikir [=berod]
ari émut merod pikir [=berod]
Lauk rebing
saba laut
karikari jalir jangji [=pari]
karikari jalir jangji [=pari]
Manuk apung
saba eurih
haté asa didudutan [=dudut]
haté asa didudutan [=dudut]
Manuk hawuk
beureum suku
katingal keur imut leutik [=galatik]
katingal keur imut leutik [=galatik]
Manuk
lindeuk di buruan
kuring bati panas ati [=japati]
kuring bati panas ati [=japati]
Manuk lisung anu jalu
dagoan di pasampangan [=jago]
dagoan di pasampangan [=jago]
Manuk renggé
saba ulam
hayang tepi ka ngajadi [=caladi]
hayang tepi ka ngajadi [=caladi]
Manuk tukung
saba gunung
uyuhan daék ka abdi [=puyuh]
uyuhan daék ka abdi [=puyuh]
Maung tutul
saba kasur
diri teu ngareunah cicing [=ucing]
diri teu ngareunah cicing [=ucing]
Méga beureum
surupna geus burit
ngalanglayun panas pipikiran[=layung]
ngalanglayun panas pipikiran[=layung]
Melak
bangsal di kotakan
wayahna dék sabar diri [=nebar]
wayahna dék sabar diri [=nebar]
Mencek
leutik saba alas
abdi daék ngaréncangan[=peucang]
abdi daék ngaréncangan[=peucang]
Meri pendék
ngojay hayam
henteu négtog pikir abdi [=éntog]
henteu négtog pikir abdi [=éntog]
Monyét
hideung sisi leuweung
susah nu taya tungtungna [=lutung]
susah nu taya tungtungna [=lutung]
Mun inget mangsi
Malayu
anjeun téh cinta ka kuring [=tinta]
anjeun téh cinta ka kuring [=tinta]
Mun jagan
kadadar tipung
upami kagungan rabi [=surabi]
upami kagungan rabi [=surabi]
Nganyam bola
jadi lawon
peupeujeuh kudu sing junun[=ninun]
peupeujeuh kudu sing junun[=ninun]
Nu dahar
taya sésana
ngan asa dipoyok badis [=ledis]
ngan asa dipoyok badis [=ledis]
Nu gering
geus rampus dahar
kuring mah mo payu deui[=mamayu]
kuring mah mo payu deui[=mamayu]
Nu nutu
miceun huutna
Mun awon moal ditampi [=napi]
Mun awon moal ditampi [=napi]
Nya buah
ngacung ka luhur
kuring mah sok panas ati [=ganas]
kuring mah sok panas ati [=ganas]
Nya hujan taya eureuna
abdi mah kalangkung ajrih [=ngijih]
abdi mah kalangkung ajrih [=ngijih]
Nyeupan
sangu tacan timus
teu sanggup manggihan deui[=gigih]
teu sanggup manggihan deui[=gigih]
Nyiar paré tutukeuran
teu pantes hayang ka abdi[=nguyang]
teu pantes hayang ka abdi[=nguyang]
Nyiru gedé
wadah bangsal
anjeun mah nsok sindir sampir[=tampir]
anjeun mah nsok sindir sampir[=tampir]
Nyiruan
genténg cangkéngna
masing mindeng pulang anting[=papanting]
masing mindeng pulang anting[=papanting]
Pangcalikan
tonggong kuda
kudu satia buméla [=sela]
kudu satia buméla [=sela]
Paparem ngawurah ketan
mokaha atuh da wargi [=ragi]
mokaha atuh da wargi [=ragi]
Paribasa
petis Cina
hayang nepi ka cacapna [=kécap]
hayang nepi ka cacapna [=kécap]
Péso pangot
ninggang lontar
acan katuliskeun diri [=nulis]
acan katuliskeun diri [=nulis]
Péso patok
kewung tungtung
hayang kapiajang teuing [=rejang]
hayang kapiajang teuing [=rejang]
Péso raut Cibarusa
sugan welas ka nu miskin [=sekin]
sugan welas ka nu miskin [=sekin]
Pileuleuyan
kebo gunung
ngadadak tineung nya pikir[=badak]
ngadadak tineung nya pikir[=badak]
Piunjuk
duméh rék wangsul
sanés abdi rék cilimit [=pamit]
sanés abdi rék cilimit [=pamit]
Puguh mah
ubar muriang
nu hina leuwih ti misti [=Kina]
nu hina leuwih ti misti [=Kina]
Puter putih saba lembur
kuring seja béla pati [=japati]
kuring seja béla pati [=japati]
Ranté ngait
kana baju
Memang geus cumantél ati [=cantél]
Memang geus cumantél ati [=cantél]
Salendro di
papanggungan
ngomong kalepasan teuing[=koromong]
ngomong kalepasan teuing[=koromong]
Sanggal
hideung saba ranca
témbong léléwa nu manis [=lélé]
témbong léléwa nu manis [=lélé]
Sangrayan peupeus meueusan
ulah jadi rengat galih [=rengat]
ulah jadi rengat galih [=rengat]
Santri
miskin geus maréman
tangtu tiis pikir abdi [=pikir]
tangtu tiis pikir abdi [=pikir]
Sapikul
katian Cina
malah kumplit sareng cingcin[=dacin]
malah kumplit sareng cingcin[=dacin]
Séndok batok
digagangan
geus lawas abdi ngalayung[=gayung]
geus lawas abdi ngalayung[=gayung]
Séréh
leuweung turub saung
haté abdi panas peurih [=eurih]
haté abdi panas peurih [=eurih]
Situ bendung
di Citarum
gulang-guling ngan sorangan[=Saguling]
gulang-guling ngan sorangan[=Saguling]
Sok rajeun ngabuah kawung
curuluk cisoca bijil [=curuluk]
curuluk cisoca bijil [=curuluk]
Tegal tengah
nagara
laun-laun sugan hasil [=alun-alun]
laun-laun sugan hasil [=alun-alun]
Tepi ka
kélor héjona
tepi ka antukna [=katuk]
tepi ka antukna [=katuk]
Teu beunang dihurang
sawah
teu beunang dipikameumeut[=simeut]
teu beunang dipikameumeut[=simeut]
Teu beunang
diopak kembung
teu beunang dientong-entong[=kolontong]
teu beunang dientong-entong[=kolontong]
Teu beunang
dipiring leutik
teu beunang dipikaisin [=pisin]
teu beunang dipikaisin [=pisin]
Teu beunang dirangkong kolong
teu beunang dipikahayang[=hayam]
teu beunang dipikahayang[=hayam]
Teu beunang
disihung tipung
teu beunang dipapagonan[=sasagon]
teu beunang dipapagonan[=sasagon]
Teu beunang
disitu lembur
teu beunang diulah-ulah [=kulah]
teu beunang diulah-ulah [=kulah]
Teu beunang
disupa dulang
teu beunang dibébénjokeun [=kéjo]
teu beunang dibébénjokeun [=kéjo]
Teu beunang ditihang pondok
teu beunang dideudeuleukeun[=deudeul]
teu beunang dideudeuleukeun[=deudeul]
Teu beunang
ditiwu leuweung
teu beunang dipikasono [=kaso]
teu beunang dipikasono [=kaso]
Teu beunang diwaru leuweung
teu beunang diboro-boro [=bisoro]
teu beunang diboro-boro [=bisoro]
Teu puguh
monyét hideungna
teu puguh tungtungna [=lutung]
teu puguh tungtungna [=lutung]
Ulah sok
kapiring leutik
ulah sok kaisinan [=pisin]
ulah sok kaisinan [=pisin]
Wadah minyak
tina beling
jadi budak kudu getol [=botol]
jadi budak kudu getol [=botol]
Walanda
hideung soldadu
umambon engkang ka nyai [=(urang) Ambon]
umambon engkang ka nyai [=(urang) Ambon]
Warisan
sekin pusaka
haturan nyai pribadi [=badi]
haturan nyai pribadi [=badi]
0 komentar:
Posting Komentar