Wawangsalan
Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu
diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung
wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina
bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina
bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua
padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal
padalisan nyaéta dalapan engang. Umumna eusi wawangsalan téh ngeunaan
silihasih, cinta atawa birahi. Contona:
Belut sisit saba darat,
Kapiraray siang wengi.
(Maksudna: oray)
Jukut jangkung pipir gunung,
Hate abdi panas peurih.
(Maksudna eurih).
papan panjang tina kacang
dijual sahiji gope
wangsalna:tempe
rupa warna dina taneuh
sok di enteupan ku kumbang
wangsalna:kembang
meunang neang hese cape
sok beak ku budak alit
wangsalna:duit
sok maju lamun ditincak
teu sarua jiga kadal
wangsalna:sendal
dipakena dina raray
dipake oge di awak
wangsalna:bedak
Disalin ti :
0 komentar:
Posting Komentar